Kamis, 03 Desember 2009

Sisindiran sunda




Gunung kelud gunung semeru
hayam jago potong sukuna....
Henteu udud mah henteu seru
cik nyuhunkeun roko eujeung seuneuna.....

Takokak buah cangkudu
dirujak teu puguh rasana....
Nubotak keur nyeri huntu
dijitak meni molotot panon na.......

cunduk waktu ninggang mangsa
niti wanci nu mustari.....
nu nyeri huntu sagala karasa
ngegel kuwaci asa segel lomari.......

piring pisin diragaji
colenak dikalapaan.....
manehna eraeun ku paraji
boga budak euweuh bapaan....

daging entog jeung sangu ketan
rek mindo era ku warga
entong keok ku napsu setan
mun rido jamina surga

kini-kini koang-koang
gulampeuk jeung pependeyan
nini palay tuang
dibekok peupeureudeuyan

5 komentar:

  1. Aya roda na tanjakan
    katinggang ku tangkal jéngkol
    Aya randa gogoakan
    katinggang ku hulu kohkol

    BalasHapus
  2. Borondong garing rasana
    Ditutup salah masangna
    Bal golf teuing kamana
    Nu asup kalah huluna

    BalasHapus
  3. cikaracak ninggang batu
    laun laun jadi leugok
    anu pitak nyeuri huntu
    dialun alun aya nu nyabok

    BalasHapus
  4. reungit naon reungit naon
    reungit leutik nyongcong batur
    leungit naon lengit naon
    lengit duit dicolong batur

    BalasHapus